Rabu, 07 November 2007

TONG DICEUNGCEURIKAN

Penyanyi : Oon


Panas nu sakieu mentrang
Sugan teh moal rek hujan
Sono bogoh anu urang
Geuningan teu bisa manjang

Asa dina pangimpian
Urang jadi pipisahan
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Kiwari talina udar

Urang teu bisa embung
Najan ka gandrung sagunung
Urang teu bisa nolak
Najan duriat sajagat

Urang lir ibarat wayang
Usik malik na ku dalang
Anu teu wasa teu weunang
Beureum hideung kumaha dalang

Apan hirup ngalakon
Saperti dina sinetron
Caritana kedah pisah
Nya hamo bisa dipondah

Urang teu bisa embung
Najan laput rasa gandrung
Urang teu bisa nolak
Najan limpas ku ka beurat

Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Najan pait bari peuheur
Teu bisa di kumahakeun
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan

Takdir teu beunang dipungkir
Kadar teu bisa di singlar
Najan pada pada beurat
Meureun gurat keudah peugat
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan

Wayahna cing tumarima
Urang teu bisa kumah
Teu bisa kumaha

10 komentar:

Unknown mengatakan...

Meni matak nyeredet mun seug ditafaquran, kalimat demi kalimat estuning matak nyeuit kana ati sanubari..sabar wenya...??

arsamangala mengatakan...

using malik kersaning gusti... aduhh.. kumaha atuh kumaha.. tarimakeun wae...

Unknown mengatakan...

Nya hamo bisa dipondah, hartosna naonnya iyeu??

Aswin Gumelar Ramdani mengatakan...

Lagu jaman SD

Unknown mengatakan...

waas

Unknown mengatakan...

Muuuwaahhh

pranamaulana1933 mengatakan...

Sakapeung sok nyeri hate mun inget kana kajadian eta, tapi teu bisa kukumaha oge , narimakeun we

Unknown mengatakan...

Terlenaaa pisan maca na

Unknown mengatakan...

Sok saredih mun ngadangu lagu iyeu cm enaken suara na meuni ngageleser.

Unknown mengatakan...

Naon makna/eusi na?...