Selasa, 06 November 2007

KUMAHA

Penyanyi : Doel Sumbang

Nah… hanjakal pisan
Basa anjeun datang
Kuring geus duaan

Mun seug lelengohan
Moal mikir panjang
Sadia marengan

Duh… enyaan… silih pikasono, silih pikadeudeuh, silih pikanyaah

Kumaha…
Nya kudu kumaha
Da kuring ayeuna
Geus aya nu boga


Hampura…
Nya kuring hampura
Najan dikumaha
Moal rek ngadua

2 komentar:

kang Eman mengatakan...

Kang Lirik lagu Mawar Bodas teh lepat, margi nu leres mah kieu:

MAWAR BODAS

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu malire kacape
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap
Taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Bet asa karunya teuing

Pajar cenah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rek ngalongok mawar bodas
Kembang nu jadi impian

Sugan tea moal gagal
Kembang teh aya nu boga
Balik ge jiga hoream
Leumpangna jiga ngalayang

Reff:
Teu disawang ti anggalna
Teu dipikir ti tadina
Anjeun ulah nyeri hate
Lantaran tacan pasini
Neangan pipanyakiteun
Neangan pipanyakiteun

Unknown mengatakan...

Boleh minta not piano nya gak ka